LINK Vidio dina Wèblog WordPress.

Simkuring kantos nyobian ngadopsi istilah LINK sangkan teu kedah dipasihan tangara maos mangrupi sapasang tangara_tagih pikeun nyirènkeun yèn èta kalebet hiji kecap ti deungeun - deungeun saluareun urang - urang nu nganggè Bahasa Daèrah sadidintenna upami dina serat seratan sarupi kieu. Nya, èta: Lingual In Name Key, dikiratakeun janten LINK, sakumaha nu kantos diajengkeun ku simkuring di salahsahiji Grup Facebook: Pusata Sunda.

Ari ngingetna, sih, yèn èta dèkonstruksi tina istilah komputasi - informatika, moal ngajantenkeun pangartos nu bènten pisan jeung pangartos anggal nu diwiwitanan dièntèp ku pala pamendak èta istilah informatika. Bubuhan ieu saukur tarèkah pikeun sistematika panyeratan sangkan saluyu tapi teu pacampur.

Dina kara fail vidio, sacara praktis, ari WordPress anu vèrsi pakèt gratis, sapertos anu eukeur diangge ku simkuring ieu, gaduh fasilitas pikeun ngonèksikeun langsung tina Wèblog WordPress kana Wèblog Youtube.

Cirina, saupami aya ayken kaitkeun LINK tina hiji fail gambar anu parantos aya dina postingan WordPress urang, mangka èta tangara yèn LINK ka Youtube di luar WordPress oge kantenan tiasa dikaitkeun tina èta gambar anu parantos aya dina WordPress.

Nya, kitu ogè saupamina LINK anu seja rèk dikaitkeun kana postingan ayana dina Wèblog Facebook, kantenan tiasa. Ngan dina ngabagikeun langsung (share) postingan WordPress ka Facebook eukeur teu tiasa dilangsungkeun. Katangtosan ieu lumangsungna ti saprak kaping 1 Agustus taun ieu (2018).

Sanaos teu tiasa disharingkeun ka Facebook sacara langsung, salian ka buruan ("page") Facebook, ananging ari ngaitkeun anu aya di luar Wèblog WordPress ka lebet rohangan WordPress, tiasa, ti Facebook ogè tangtos tiasa.

Sakauninga panyerat, fasilitas kasaèan pikeun ngaitkeun hiji gambar ka hiji LINK anu aya di saluareun artikel postingan èta, teu acan dipigaduh ku Blogger/Blogspot, ananging justru Wèblog Blogger/Blogspot: tiasa ngaaplodkeun fail vidio langsung dina lebet rohangan postingan Blogger/Blogspot.

Nya, hartosna: pirang - pirang wèblog rupina migaduh panginget jeung kawijakan sèwang - sèwangan pikeun nyieun kaadilan di antawis golongan usaha nu sarupi departemènna, sangkan markèt_sharingna teu pacoro kokod.

Salian ti èta kawijakan, tangtosna ayana kakirangan ti hiji wèblog tiasa dibantosan ku kalangkung nu dipigaduh ku wèblog sanèsna. Nyirènkeun yèn pala pangusaha informatika ngartos hakèkat babagi lalakon. Inyana nu deukeut: lalakon sabagè papada makhluk ciptaan Alloh anu teu hawek (ilaahi kanu teu tamak, tangtos sudi.).

Leres pisan kecap 'ilaaHi antamaqshuudi' dikedalkeun dina pirang - pirang niat samèmèh lalampahan urang - urang dipigawè, salaku ngaitkeun ka_èLINK ka Alloh. Èta hakèkat_NA tina padamelan urang - urang sadidinten.

_Panyerat: Yusni Tria Yunda. Diserat di Kacamatan Dayeuhkolot, Wanci Shubuh 16 Dèsèmber 2018 Masèhi.

Comments

Popular Posts