Dasar Riba (1): Pala Pihak.

Diserat ku: Yusni Tria Yunda.

Ti taun 2012 nepi ka anggal taun 2014, simkuring mineng patepang deui jeung Ichsan Santana, ogè Dicky Rahman Tjakrawiguna, alias Adang.

Miwah kami eukeur papada nyorangan tanpa migaduh iketan akad jeung salahsahiji garwa. Ichsan jeung Dicky Rahman status panikahanna bujangan. Ari status panikahan simkuring duda, wiwitan.

Kami pala mantan siswa SMP Negeri 13 Bandung, nu sakelas rohangan diajarna, silih tukeur pamendak dina caritaan - caritaan kami.

Kadang - kadang sok ngempel ogè jeung Gugum, kami opatan sakelas ogè mangsa diajar di SMP (ngan ari simkuring ka bèh dieunakeun sempet kagungan ogè sobat nu namina Gumgum, mangka sok kasamaran dina ingetan jeung lètah antawis Gugum Subagja nu sakelas mangsa SMP jeung simkuring taun 1993 nepi ka taun 1996, jeung Gumgum Gumilang Gustami, nu sakelas mangsa kuliah di strata hiji IKIP Bandung nepi ka janten UPI_na. Janten ari sacara kronologis: Gugum Subagja parantos langkung tipayun janten rèrèncangan simkuring samèmèh simkuring wanoh jeung Gumgum.).

Mèmang ari sacara acara resmi mah teu seueur nu kami lakukeun babarengan tiluan, kasebatna gè rèrèncangan heubeul, loma pisan. Semet ngobrol jeung ulin lokalan, wèh, barijeung ningan seu'eur hikmah pikeun simkuring, jeung frèkuènsina remen kami papendak. Ari tempat ngumpul, biasana di padumukan Dicky (Adang).

Ka-hiji: simkuring disuplay ku Ichsan Santana aytem - aytem barang ti mèrèk - mèrèk nu parantos kawèntar dina prodak kaos bahan lakos. Harita, biasana simkuring icalan prodak konvèksi lokal hasil produksi ti daèrah - daèrah tempat simkuring eukeur mancèn padamelan absèn.

Ku ayana ieu kapercantenan Ichsan Santana dina nyuplay produk - produkna ka simkuring: anu_mana pamayaran ti simkuring ka anjeunna henteu kontan, janten saupamana barang parantos kaical ku simkuring namung teu acan disetor, mangka tiasa digolangkeun heula saheulaanan pikeun simkuring lumangsungkeun usaha dagang kaos, salian ti sababaraha aytem barang sèjèn salian ti kaos, bari jeung damel absèn kènèh di salahsahiji kantor cabang Bank BRI. Jongjon.

Ayana pamikiran yèn engkè dina hiji mangsa jaga: simkuring kudu bisa mikagungan ngaran usaha nyalira, sanaos dina widang padagangan, sanès produksina ogè. Sabab pola pamikir dina hirup jeung kahirupan kudu aya parobahan. Tong kajongjonan teuing dina hiji kaayaan nu eukeur dikersakeun ku Alloh. Komo ari kudu nepika ngailaah - ilaah_keun kaayaan, èta ngarana nyakutukeun kanu masihan kaayaan èta.

Ka-dua: simkuring janten kagungan pangalaman nyurvèy pangaos tanah di luar Kota Bandung, dina taun - taun 2012/2013, salaku pabandingan jeung Kabupatèn Bandung bagèan wètan, anu_mana harita Ichsan Santana masihan ruteu ka lokasi tanah kulawargina anu seja rèk diical, di Tasikmalaya.

Ka-tilu: ku ayana bisnis babarengan dina icalan kaos nu disuplay ku Ichsan Santana, simkuring kabeberah katut kabangbrangkeun tina kaayaan psikologis harita anu_mana kakara ngalaman cerèy jeung Pun Garwa nu harita: Èka. Laju, simkuring janten mingkin yakin seja rèk nanjeurkeun ngaran usaha sorangan sanaos eukeur janten duda ogè.

Engkèna hasil tina implengan dina obrolan - obrolan kami, pleus sababaraha kontribusi pamikiran ti pala baraya jeung rèrèncangan simkuring, simkuring janten langkung percaya kana diri sorangan yèn simkuring pasti bisa, kalayan dibisakeun pikeun ngaresmikeun ngaran usaha simkuring jeung tiluan deui sakutu, anu_mana engkèna di notaris didaftarkeun sacara resmina dingarananna: CV. NATA LABA.

Malihan, salian ti Ichsan Nugraha, sobat simkuring ti eukeur zaman SD, katut salajengna ogè sa_SMP bareng jeung simkuring ogè jeung Ichsan Santana, Ichsan Santana nyaèta rèrèncangan heubeul sa_SMP jeung simkuring anu sacara wiwitan waktos parantos ditepangkeun jeung Abang Zihni: Pun Putra nu cikal ti Èka Maila, dina mangsa Abang Zihni tacan diwanohkeun ku simkuring ka pala rèrèncangan heubeul rèngrèngan kami lianna.

Nalika tèrèh ahir taun 2014, pamikiran simkuring kasèrènkeun kana sababaraha katerangan ngeunaan riba. Ichsan Santana mineng diteleponan ku simkuring. Malah mah kungsi dina hiji peuting di PUSDAI Bandung simkuring nelp.

Comments

Popular Posts