Instrumèn

Ku: Yusni Tria Yunda.

Instrumèn janten diperyogikeun pikeun mirig kalengkep tina hiji pangecapan pertelaan kara-kara nu ditalungtik. Ngadongkapkeun sababaraha pabandingan conto sèjèn tina hiji kara husus nu ditalungtik, namung sanès mangrupi variabel nu eukeur ditalungtik, nyaèta pangartos nu langkung akur pikeun nunjukkeun hiji maksad tina instrumèn.

Dina kecap pabandingan, instrumèn teu pamohalan migaduh kasiga makna pangartos jeung asosiasi pamirig, nyaèta hiji tèhnik nu tiasa dianggè dina ngabandingkeun ayana hiji kasiga di antawis salasawios variabel panalungtikan jeung variabel sèjèn sacara harfiah nu sanès mangrupi bagèan tina variabel nu eukeur ditalungtik.

Tiasa mangrupi ungkara tina kara nu ayana di saluareun paosan panalungtikan, anumana upami sacara harfiah lir taya migaduh kakaitan sacara langsung jeung kara-kara nu ditalungtik, nanging cirèn tina ayana kasiga antawis kara-kara di saluareun panalungtikan jeung kara nu ditalungtik, nyaèta nu dipimaksad ku asosiatif di lebet hiji pangartos tina instrumèn. Ku kituna, instrumèn tiasa mangrupi entepan kecap dina bahasa sèjèn nu tiasa dianggè dina ikhtiar ngèngingkeun gambaran ti juru nu sèjèn ti objèk panalungtikan nu eukeur ditalungtik, dumasar tina ayana kasami sacara asosiatif ieu saupamina dipidamel dina dedegan notasi, nyaèta ibarat sakumpulan nada-nada nu mana komposisi tina nada-nada sajeroning instrumèn migaduh kasaluyuan jeung hiji atanapi ogè sababaraha nada ti variabel nu eukeur ditalungtik. "Chord" atanapi kempelan nada nu janten konci tina hiji irama nu gumerak dina keureutan-keureutan husus ti hiji struktur lagu, mangrupi instrumèn nu tiasa janten konci pikeun nyaring indikator-indikator asosiatif, atanapi kasamian antawis formasi kord di salebeteun instrumèn nu dianggè, ku pagerakan cicirèn ulubiung antar variabel nu eukeur ditalungtik sajeroning hiji kaayaan husus nu dinamis di antawis tahapan-tahapan pangujian variabel-variabel.

Singgetna, saupamina pola-pola pagerakan kacindek dina hiji ulubiung antar variabel nu ditalungtik dianggep bakal migaduh hasil mangrupi sakempelan nada-nada nu tiasa dipidamel mindo ngèntèp sabagè birama ti wirahma-wirahma hiji lagu, mangka nada-nada sajeroning instrumèn nyaèta pamirigna, pikeun mastikeun kasaluyuan di antawis nada-nada sajeroning kord-kord nu parantos diwentuk di lebet pakèt instrumèn, jeung nada-nada husus sabagè hasil tina mindo ngèntèp hasil-hasil hiji panalungtikan.

Tingal dina bahasa:
1. Acèh.

2. Inggris.

3. Indonèsia.

Comments

Popular Posts